Hikmah  

Isuk- Isuk Tos Bingung Ku Dunya? Tingali Kumaha Nasehat Sahabat Nabi

Gambar Ilustrasi

Kalapanunggalupdate.com – Dina kahirupan sapopoe, henteu saeutik jalma anu kakara hudang isuk kénéh tos bingung ku rupa-rupa perkara dunya. Padahal, isuk téh waktos nu paling hadé pikeun muji ka Allah SWT jeung ngalakukeun amalan anu ngadeukeutan urang ka Gusti.

Kunjungi Juga Berita Selengkapnya Di :

Rasulullah SAW parantos ngingetan urang dina hiji hadits shahih:

عَنْ صَخْرٍ الْغَامِدِيِّ عَنِ النَّبِيِّ ﷺ قَالَ : “اللَّهُمَّ بَارِكْ لِأُمَّتِي فِي بُكُورِهَا

(HR. Abu Dawud, Tirmidzi)

Artina: “Ya Allah, berkahilah umat kuring dina isuk-isukna.”

Hadits ieu ngajelaskeun yén waktos isuk téh mangrupa waktos anu pinuh berkah. Ku kituna, lamun urang tos bingung ku perkara dunya sapoé acan dimimitian, éta nunjukkeun yén hate urang can leres dipuseurkeun ka Allah.

Kisah Sahabat Nabi

Dina hiji riwayat, Sahabat Ibnu Mas’ud RA kantos nyarios:
“Saha anu ngajadikeun dunya minangka pangpentingna, Allah bakal mecahkeun urusan-urusanna, jeung bakal ngajadikeun kamiskinan aya di hareupeun panonna, sarta dunya moal sumping ka anjeunna kajaba ngan sakumaha anu parantos ditangtukeun pikeun anjeunna. Sedengkeun saha anu ngajadikeun akhirat minangka niat utama, Allah bakal ngajadikeun haténa sugema, ngumpulkeun urusan-urusanna, sarta dunya bakal datang ka anjeunna dina kaayaan hina.” (HR. Ibnu Majah).

Kisah ieu ngajarkeun yén bingung ku perkara dunya, utamana ti isuk kénéh, sabenerna asalna tina kurangna tawakal jeung niat anu henteu leres.

Panutup

Ku kituna, urang sadaya diajak pikeun ngamimitian isuk ku dzikir, doa, jeung niat anu hade. Ulah dugi ka bingung ku perkara dunya anu saenyana mah ngan saukur titipan. Lebetkeun kahirupan dunya kana jalan ibadah, insyaAllah berkah tur sing henteu aya kabingungan nu matak ngaganggu pikiran.

Reporter : WR